Sumedang Larang
Sumedang Larang nyaeta hiji
karajaan Islam nu kungsi ngadeg di
Jawa Kulon,
Indonésia, nu mangrupakeun bukti
sajarah sumebarna
agama Islam di Jawa Kulon. Ieu karajaan teu kawentar kawas
Demak,
Mataram,
Banten sarta
Cirebon dina pustaka sajarah karajaan-karajaan
Islam di
Indonésia. Tapi, ayana karajaan ieu mangrupa bukti sajarah anu pohara kuat pangaruhna dina sumebarna
Islam di
Jawa Kulon sakumaha anu dipigawé ku
Karajaan Cirebon sarta
Kasultanan Banten.
Sajarah
Karajaan Sumedang Larang (ayeuna
Kabupatén Sumedang) nyaéta salah sahiji tina sakitu lobana karajaan Sunda nu aya di propinsi
Jawa Kulon,
Indonésia. Lian ti eta dipikawanoh oge karajaan Sunda sejenna saperti
Karajaan Pajajaran nu oge masih aya tumalina nu kacida raketna jeung karajaan saméméhna (
Karajaan Galuh), ngan ayana
Karajaan Pajajaran ieu panungtunganana di Pakuan (
Bogor) sabab ayana serangan aliansi
Karajaan Cirebon,
Banten jeung
Demak (
Jawa Tengah). Ti saprak harita, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan anu ngabogaan otonomi lega pikeun nangtukeun nasibna sorangan.
Asal Ngaran
Karajaan Sumedang Larang asalna ti karajaan
Islam Sunda-
Pajajaran anu diadegkeun ti saprak
abad ka-6 Masehi ku
Prabu Adji Bodas dumasar kana paréntah
Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkeun ka
Pajajaran,
Bogor.
Luyu jeung robahna jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman
sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Témbong Agung (Témbong
hartina katingali sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku
Prabu Guru Adji Bodas dina
abad ka-6. Saterusna dina mangsa jaman
Prabu Tadjimalela,
diganti jadi Himbar Buana, anu harti nyaangan alam, sarta saterusna
diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna tina kecap Insun
Medal/ Insun Medangan anu harti
kuring dilahirkeun, sarta Larang hartina
hiji hal anu euweuh tandinganana).
Ratu Pucuk Umun sarta Pangeran Santri
Dina panengah
abad ka-16, Ratu Pucuk Umun, saurang wanoja turunan raja-raja Sumedang kuna anu mangrupa saurang Sunda muslimah; nikah ka
Pangeran Santri (
1505 M-
1579 M) anu boga gelar
Ki Gédéng Sumedang sarta maréntah Sumedang Larang bari nyebarkeun ajaran
Islam di wewengkon éta.
Pangéran Santri nyaéta incu ti
Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) sarta buyut ti
Syekh Datuk Kahfi, saurang ajengan turunan Arab Hadramaut anu asalna ti
Mekkah sarta nyebarkeun ageman Islam di sagala rupa penjuru wewengkon di
Karajaan Sunda. Nikahna Pangeran Santri jeng Ratu Pucuk Umun ieu ngababarkeun
Prabu Geusan Ulun atawa dipikawanoh minangka Prabu Angkawijaya.
Prabu Geusan Ulun
Prabu Geusan Ulun (
1580-
1608 M) dinobatkeun pikeun ngagantikeun kakawasaan bapana,
Pangéran Santri. Anjeunna netepkeun
Kutamaya minangka ibukota karajaan Sumedang Larang, anu tempatna di bagian kulon dayeuh. Wewengkon kakawasaanana ngawengku
Kuningan,
Bandung,
Garut,
Tasikmalaya,
Sukabumi (Parahiangan) kajaba Galuh (
Ciamis).
Karajaan Sumedang dina mangsa Prabu Geusan Ulun ngalaman kamajuan anu
pesat dina widang sosial, budaya, ageman, militer sarta pulitik
pamaréntahan. Sanggeus wafat dina warsih
1608, putera kandungna,
Pangéran Rangga Gempol Kusumadinata atawa anu dipikawanoh kalawan
Raden Aria Suradiwangsa ngagantikeun kapamingpinan bapana.
Pamaréntahan Sahandapeun Mataram
Dipati Rangga Gempol
Dina waktu Rangga Gempol nyekel kapamingpinan, dina warsih
1620 M Sumedang Larang dijadikeunana wewengkon kakawasaan
Karajaan Mataram di sahandapeun
Sultan Agung,
sarta statusna minangka 'karajaan' dirobah jadi 'kabupatén'. Hal ieu
dipigawé ku manéhna minangka usaha ngajadikeun wewengkon Sumedang
minangka wewengkon pertahanan Mataram tina serangan
Karajaan Banten sarta
Walanda, anu keur ngalaman konflik jeung Mataram.
Sultan Agung
saterusna mikeun paréntah ka Rangga Gempol reujeung pasukanana pikeun
mingpin serangan ka Sampang, Madura. Sedengkeun pamaréntahan pikeun
samentara dibikeun ka adina, Dipati Rangga Gede.
Dipati Rangga Gede
Nalika satengah kakuatan militer kabupatén Sumedang Larang diinditkeun ka
Madura nurutkeun titah
Sultan Agung,
datang pasukan Karajan Banten pikeun nyerang. Alatan Rangga Gede henteu
sanggup nahan serangan pasukan Banten, manéhna ahirna kabur. Kaéléh ieu
nyababkeun ambekna
Sultan Agung ku kituna manéhna nahan
Dipati Rangga Gedé, sarta pamaréntahan saterusna dibikeun ka
Dipati Ukur.
Dipati Ukur
Sakali deui,
Dipati Ukur diparentah ku
Sultan Agung pikeun babarengan jeung pasukan Mataram narajang sarta ngarebut pertahanan
Walanda di
Batavia (
Jakarta) anu dina ahirna gagal. Kaéléh pasukan Dipati Ukur ieu henteu dilaporkeun geura-giru ka
Sultan Agung,
diiberkeun yén manéhna kabur tina pertanggungjawabanana sarta ahirna
katangkep dina panyumputanana dumasar kana beja mata-mata
Sultan Agung anu ngawasa di wewengkon
Parahiangan.
Babagean Wewengkon Karajaan
Sanggeus béak mangsa hukumanana, Dipati Rangga Gedé dibéré kakawasaan
pikeun balik deui maréntah di Sumedang. Sedengkeun wewengkon
Parahiangan di luar Sumedang sarta
Galuh (
Ciamis), ku Mataram dibagi jadi tilu bagian:
Titilar Budaya
Nepi ka kiwari, Sumedang masih boga status kabupatén, minangka sésa titilar konflik pulitik anu réa diintervensi ku
Karajaan Mataram
dina mangsa éta. Sedengkeun artefak sajarah mangrupa pusaka perang,
atribut karajaan, pakakas raja-raja sarta naskah kuna titilar Karajaan
Sumedang Larang masih bisa ditempo sacara umum di
Musieum Prabu Geusan Ulun, Sumedang tempatna pas di kidul alun-alun dayeuh Sumedang, ngahiji jeung
Gedong Srimanganti sarta wangunan pamaréntah wewengkon satempat.
Pamarentahan berdaulat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar