Kendan
Nami Kendan numutkeun elmu kabuhunan teh hartosna puseur sabangsaning alat, oge mangrupa jenis batu nu loba kapanggih di wewengkon eta. Numutkeun Carita Parahiyangan, Nusantara Parwa IV sarga 1 dan Jawadwipa Parwa I sarga 2, karajaan ieu ngadeg ti taun 526 M dugi ka 612 M. Raja nu munggaran nyaeta Resiguru Manikmaya ( 526 – 568 M ) marentah salami 42 taun, kagungan istri ka Tirtakancana, puteri na Suryawarman Raja Tarumanagara VII. Nya wewengkon ieu teh minangka hadiah pemere ti mertuana. Resiguru Manikmaya ieu teh nyaeta pendeta siwa. Saterasna kalungguhanna digentos ku putrana Sura Liman Sakti atawa Rajaputra nu ti alit dugi ka bujang ngiring linggih di akina di puseur dayeuh Tarumanagara. Di istrenan janten raja di Kendan kala 12 Kresnapaksa bulan Asuji tahun 490 Saka (kira-kira tanggal 5 Oktober 568 M). Migarwa ka Mulyasari turunan Kudungga ti Bakulapura, kagungan putra 2 urang nyaeta Kandiawan jeung Kandiawati.
Kandiawati tuluy kawin jeung sodagar ti Sumatera nu saterusna bumen-bumen di ditu ngiring ka salakina. Salajengna kakawasaan dilinggihkeun ti Sura Liman Sakti ka Kandiawan putrana nu marentah salila 15 tahun ( 597 – 612 M ), mung teu salamina di Kendan, anjeunna ngalih padumukan ka Medang Jati atawa Medang Gana kumargi sateuacan diistrenan janten raja di Kendan anjeunna tos janten resi guru didinya. Saparantosna mangsa 15 taun anjeuna lengser kaprabon margi janten patapa di Layuwatang, janten katelah Rajaresi Dewaraja atanapi Sang Layuwatang. Kandiawan kagungan putera 5 urang nyaeta: Mangukuhan, Karungkalah, Katungmaralah, Sandanggreba, jeung Wretikandayun. Lima puterana katelah Pancaputra ieu masing-masing dipasihan kalungguhan mangrupi Rahyangta Kulikuli, Rahyangta Surawalen, Rahyangta Pales Awi, Rahyangta Rawung Langit jeung nu bungsu Wretikandayun dijadikeun Rajaresi di Mandala Menir. Lajeng kalungguhan raja ti saprak janten patapa di pasrahkeun ka Wretikandayun.