Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.
Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nyaéta salaku basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak.
Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanana ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di sakola nyaéta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti keur di sakola-sakola di Jawa Barat kudu Basa Sunda Bandung".
Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku. Ari kuduna mah, istilah basa lulugu (baku) téh dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawan tina basa Sunda lulugu téh.
Tata Basa Sunda.
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
Tatakrama Basa Sunda.
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
Gaya Basa (Sunda).
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
- Banten,
- Bogor,
- Parahyangan,
- Cirebon, jeung
- Brebes
Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nyaéta salaku basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak.
Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanana ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di sakola nyaéta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti keur di sakola-sakola di Jawa Barat kudu Basa Sunda Bandung".
Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku. Ari kuduna mah, istilah basa lulugu (baku) téh dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawan tina basa Sunda lulugu téh.
Sajarah :
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara,Galuh,Kawali,Sunda,jeung Pajajaran Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kunao saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasastiMangsa II (sabada abad ka-16 M)
[ Teu acan aya seratan dina mangsa ieu ]
Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).Tata Basa Sunda.
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
- taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
- teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda
- aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
- aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
- aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
- aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
- aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Tatakrama Basa Sunda.
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
Gaya Basa (Sunda).
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
- ngupamakeun (similé)
- lalandian (métafora)
- mijalma (personifikasi)
- rautan (eufimisme)
- ngasor (litotés)
- rarahulan (hiperbol)
- kadalon (pleonasme)
- silib-sindir (alégori)
- mindoan (repetisi)
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
- mantra/jampe jeung jangjawokan
- sisindiran, paparikan, wawangsalan, sésébréd
- pupuh
- kakawihan
- guguritan
- pupujian
- wawacan
- carita pantun
- dongéng
- carita pondok
- novel
- drama, jeung
- sajak atawa puisi.
- fiksimini