Galuh
Galuh mangrupakeun hiji karajaan
Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara
walungan Citarum di beulah kulon sarta
Cipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupakeun panerus
Kendan, bawahan
Tarumanagara.
Carita ngeunaan Galuh aya dina
Carita Parahiyangan,
naskah
Sunda nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan
Galuh téh dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi
salila lima welas taun. Salajengna, kakawasaan ieu diwariskeun ka
putrana di Galuh, Sang Wretikandayun.
Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun
666 M pupus (
669), kakawasaan Tarumanagara ragrag ka
Tarusbawa,
minantuna ti Sundapura, salasahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku
sabab Tarubawa mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak
Galuh, dipingpin ku Wretikandayun (ngawasa ti taun
612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri. Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun
walungan Citarum salaku watesna.
Karajaan kembar
Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja (jadi resiguru di
Galunggung), Rahiyang Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh salila salapan puluh taun (
612-
702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.
Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra: Demunawan jeung
Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak nepi ka
kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah).
Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja
Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha.
Sannaha jeung Séna ieu lajeng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan
Rakryan Jambri (atawa katelah Sanjaya).
Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709), lajeng
diteruskeun ku Séna. Kusabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja,
Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716).
Alatan kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di
beulah wétan, lajeng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi
Padmahariwangsa, raja
Indraprahasta.
Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman Kangjeng Prebu.
Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur, jenengan
nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu
linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil
palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden
Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)
Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa
tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus
dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu
tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung
hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek,
buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan",
gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku
panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Preangerstelsel, di
lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel.
Tetela di
Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu
diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu
nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud
tina kalungguhanana teh.
Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu bae Kangjeng Prebu bati sedih jeung
prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari
hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot
kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung
kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman
tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh,
almarhum Kang Pepe Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse
di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max
Salhuteru anu gede kamelang kana kahirupan seni budaya tradisional
Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis
dengkleung Dengdek ku Administraturna.
Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega nyaksian
rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan
bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi
ka lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning
nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier
jeung sekunder katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh
solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842,
Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung
solokan Wangunreja 1862.
Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu tiasa kulem
samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung
kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal
calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih
kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten
ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis morontod
jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu
kungsi lila oge Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan
wetan.
Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha,
pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin.
Terus pabrik Haoe Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna
Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh
dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun ngaran, sumawonna nu sejenna.
Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak
goreng sejenna .
Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton
Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat karaton
ngadeg legana sahektar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana
aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu
arendah. Di bagian sejen karaton, aya kaputren, tempat para putri
Bupati. Di kompleks karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks
karaton ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga Bupati.
Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna dikaramatkeun pisan, baheula
mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung
hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina guguritanana,
Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah kaula,
bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajeng kuning."
Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna rundayan
Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh
Kinanti teh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti
wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu oge ngageder
ngawangun gedong-gedong pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun
1859 tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti
diwangun gedong kabupaten anu agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna,
malik ngaler. Terus gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong
nagara atawa gedong kabupaten, sakaligus tempat lingguhna Bupati
sakulawarga. Wawangunan sejenna, tangsi militer, panjara, masjid agung,
gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.
Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana kapentingan
masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan dinomer
hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para
putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda,
J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka kabupaten, pancenna ngajar maca
jeung nyarita ku basa Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun
Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu teh
sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina enggoning ngamekarkeun agama
Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan.
Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian masarakat
anu masih keneh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna
satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi
jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.
Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka rahayatna
supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa
arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da
kaula oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka
pangawulaan teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku
di imahna aya arca. Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh geus
teu aya deui arca anu disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah
bener-bener aribadahna jeung teu kendat muji kaagungan Allah. Islam
mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun we di
Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi karimbunan. Eta
sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di
Selagangga tea.
Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu tiasa maca
aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk saujaring
carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu oge
ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861
jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna
patalimarga, ti Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus
bangblas ka Jogjakarta. Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun,
supaya jalan kareta api teh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh kabupaten,
ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna memang jadi gede sabab
eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong jeung
Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu
ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh ayeuna narikolot,
tapi Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun
1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku
putrana nu sohor jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.
Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso ucang-ucang
dina korsi goyang. Anjeunna masih keneh teras bebenah jeung ngawangun
Galuh Ciamis. Dina jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti dipake,
peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi
ngaluarkeun modal gede keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna.
Kulantaran kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana
Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung
Sindangrasa. Taun 1915 Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan
Priangan, sacara resmi disebutna jadi Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926
Jawa dibagi jadi tilu propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat
dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten jeung genep kotapraja.
Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur. Saenyana di lokasi
karaton Selagangga oge Kangjeng Prebu teh ngadamel masigit agreng anu
dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul Karim.
Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh,
marentahkeun ka para Kapala Desa suaya di tiap desa aya masigit, sajaba
ti keur ibadah sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman diajar
ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual
masarakat. Masdjid Selagangga teh kacida kaimpunganana ku para nonoman.
Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung Jambansari anu ngan
kari sacangkewok, situ nu perenahna beh kulon mah geus taya
tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung
beulah kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah
kulon teh kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah
wetanna tapel wates jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman
Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku
Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman
ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad. Jambansari meh ilang
sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka kulawarga Mentri PU (harita)
Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah diomean
dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan anjeunna teh
putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah
terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu.
Jadi, ngaraos
ngiring tanggel waler geusan mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek
Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada
ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk
di Jalan Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari,
alatan Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana
jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we
nyarebutna Selagangga, sabab di dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu .
Malah ayeuna sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu diharepkeun
adil palamarta wijak tur toweksa ka rahayatna. Bari tetep luhur
ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana
kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna.
Bupati anyar dipentes gawe mulya
mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu
jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna
karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna
ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu oge kawijakan-kawijakan lungsur,
jeung di dieu wapatna Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu
panemu, boh lahir boh batin, turta pinter meakeun batur teh. Dipendemna
oge di pamakaman Sirnayasa (Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan
nu bisa ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti.