Bubuka Catur

http://desabencoy.blogspot.co.id/2016/03/bubuka-catur.html

Haturan Wilujeng Sumping

 Bubuka Catur : 


  Bencoy nyaéta nami  salasahiji désa di kacamatan Cireunghas, Kabupatén Sukabumi, Propinsi Jawa Barat, anapon Kacamatan cireunghas nyaeta babagian ti Administratip Kabupaten Sukabumi anu ngawengku Désa:
Kecap Bencoy ngandung harti nyaeta ngaran hiji tatangkalan anu harita desa Bencoy teh masih  mangrupa leuweung anu pinuh ku tangkal Bencoy (B,Indonesia = Menteng)

 Kabupatén Sukabumi, nyaéta hiji Kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Palabuhanratu. Kabupatén ieu kawates ku Kabupatén Bogor di kalér, Kabupatén Cianjur di wétan, Samudra Hindia di kidul, ogé Kabupatén Lebak di béh kulon.
Ku legana wilayah 4.128 km², Kabupatén Sukabumi jadi Kabupatén panglegana kadua di Pulo Jawa saenggeus Kabupatén Banyuwangi.
Wates wewengkon Kabupatén Sukabumi 40% wawatesan jeung laut sedengkeun 60% mangrupa daratan. Wewengkon Kabupatén Sukabumi ngawengku aréal anu pohara lega nyaéta ± 419.970 ha. Dina taun 1993 Tata Guna Taneuh di wewengkon ieu, nyaéta :
Pilemburan/padumukan 18.814 Ha (4,48%), sawah 62.083 Ha (14,78%), tegalan 103.443 Ha (24,63%), kebon 95.378 Ha (22, 71%) , dano/sétu 1. 486 Ha (0, 35 %) , leuweung 135. 004 Ha (32,15 %), jeung pamakéan séjénna 3.762 Ha (0,90 %). Sawatara poncrot gunung nyangkaruk di bagéan kalér, diantawisna: Gunung Halimun (1.929 mdpl), Gunung Salak (2.211 mdpl), jeung anu pangluhurna nyaéta Gunung Gedé (2.958 mdpl). Sedengkeun walungan anu malidan mah nyaéta Walungan Cimandiri jeung Walungan Cikaso, anu ngamuara di Samudera Hindia.
Babagian Administratif

Di handap ieu mangrupa daptar kacamatan anu aya di Kabupatén Sukabumi  :
 Kabupatén Sukabumi kaadeg ku 47 Kacamatan, anu kabagi deui ku 364 désa jeung 4 kalurahan. Puser pamaréntahanna nyaéta di Palabuhanratu.

Pariwisata

  • Basisir Palabuhanratu
  • Cipanas Cisolok, anu ayana di 17 km kulon daya Palabuhanratu. Tempat ieu nyangkaruk walungan anu mata caina panas jeung burialan vulkanis. Di deukeutna ogé norobos cicurug jeung nembra kebon karét.
  • Basisir Karang Hawu, ayana di 20 km ti Palabuhanratu. Pantéy ieu miboga karang anu aya babaraha liang saperti hawu, matak wéh disebut karang hawu. Di pantéy ieu nisa ngalakukeun olahraga salancar cai.
  • Guha Lalay, ayana di 3 km ti Palabuhanratu. Guha ieu mangrupakeun imah rébuan lalay.
  • Wisata Alam, Pikeun anu resep kana patualangan alam, naék Gunung Gedé atawa Gunung Pangrango di Taman Nasional Gedé-Pangrango di kalér Kota Sukabumi mangrupakeun hiji pangalaman pikaresepeun. Didieu bisa dipanggihan mangrupa-rupa tutuwuhan sarta Kembang Edelweis anu abadi di poncrotna. Patualangan nangtangan séjénna nyaéta arung jeram di Walunga Cicatih atawa di Walungan Citarik, anu aya di 30 km kiduleun Kota Sukabumi.
  • AWWI (Agro Widya Wisata Ilmiah)
  • Wisata Situ Batukarut, pasirhalang, sukaraja jeung mangrupakeun sumber cai PDAM Kab/kota Sukabumi ayana di 5 km ti Kota Sukabumi
  • Wisata Basisir Ujung Genténg di Kac. Ujung Genténg/Ciracap

Harti Lambang Kabupatén Sukabumi

  • Lambang Pariséy :
Ngagambarkeun panglindungan pamaréntah daérah ka Pangeusi jeung sakabéh kabeungharan alam di wewengkon Kabupatén Sukabumi.
  • Warna Hideung :
Hartina langgeng tur abadi
  • Warna konéng :
Kaayaan anu caang gumilang
  • Gambar takikan karét jeung daun entéh ngaibaratkeun :
Poténsi komoditi perkebunan
  • Gambar kujang ngaibaratkeun :
Pusaka Pajajaran anu baheula ngawasa di bumi Parahyangan, kaasup ogé Kabupatén Sukabumi
  • Motto Gemah Ripah Loh Jinawi ngandung harti :
Subur makmur wibawa mukti.