Taratas
Mimitina mah wewengkon Kabupatén Sukabumi nu ayeuna téh aya di lingkup Kabupatén Cianjur dina mangsa Pamaréntahan kolonial Hindia Walanda, anu mangrupakeun bagéan tina Karasidénan Priangan (Residentie Preanger Regentschappen). Dina taun 1776 Bupati Cianjur kegenep Radén Noh Wiratanudatar VI ngabentuk hijij kapatihan nu ngarana Kapatihan Tjikole anu kawengku ku babaraha distrik nyaéta distrik Goenoengparang, distrik Tjimahi, distrik Tjiheoelang, distrik Tjitjoeroeg, distrik Jampangtengah, jeung distrik Jampangkoelon anu puser pamaréntahanna di Tjikolé (anu ayeuna jadi Kota Sukabumi).Dina tanggal 13 Januari 1815, Kapatihan Tjikolé diganti ngaranna jadi Kapatihan Soekaboemi. Ngaran Soekabumi diajengkeun ku Dr. Andries de Wilde, hiji ahli bedah anu ngabogaan usaha kebon kopi jeung entéh di wewengkon Soekaboemi. Asal ngaran "Sokaboemi" nyaéta tina Basa Sansekerta soeka, "karesepan, kabagéaan, kadeudeuh" jeung bhoemi, "marcapada, taneuh". Jadi "Soekabumi" miboga harti "taneuh nu dipikaresep".
Tina Kapatihan jadi Kabupatén
Kabupatén Sukabumi sorangan mimiti diadegkeunna nika ditangtukeunana téh dumasar kana Besluit Gubernur Jéndral Dirk Fock tanggal 25 April 1921 no. 71 numana dijéntrékeun yén status Soekaboemi minangka Kabupatén (Afdeling) sorangan anu kapisah ti Kabupatén Tjianjoer, mimiti berlaku ti 1 Juni 1921. Bupati mimitina nyaéta R. A. A. Soerianatabrata, Patih pamungkas tina Kapatihan Soekaboemi. Dina taun 1923, Karasidénan Priangan dimekarkeun jadi tilu bagéan nyaéta West Preanger (Priangan kulon) puserna di Soekaboemi, Midden Preanger (Priangan tengah) puserna di Bandoeng jeung Oost Preanger (Priangan wétan) puserna di Tasikmalaya. R. A. A. Soerianatabrata sorangan maréntah tika taun 1930.Bupati nu kadua Kabupatén Soekabumi téh nyaéta R. A. A. Soeriadanoeningrat anu maréntah nepi ka mangsa panjajahan Jepang. Aya parobahan bagéan administratif di wewengkon Jawa Kulon dina mangsa pamaréntahan harita. Dijieun 5 Karasidénan anyar di Jawa Kulon, nyaéta Residentie Bantam Regentschappen (Karasidénan Banten), Residentie Batavia Regentschappen (Karasidénan Batavia), Residentie Boeitenzorg Regentschappen (Karasidénan Boeitenzorg/Bogor), Residentie Tjirebon Regentschappen (Karasidénan Tjirebon) jeung Residentie Preanger Regentschappen (Karasidénan Priangan). Kabupatén Sukabumi anu saméméhna mangrupa bagéan tina Karasidénan Priangan Kulon pikeun saterusna mah diasupkeun minangka bagéan tina Karasidénan Boeitenzorg, kusabab kitu wewengkon Kabupatén jeung Kota Sukabumi kiwari miboga plat nomor kandaraan F.
Mangsa Pangawasaan Jepang
Saenggeus Jepang naklukkeun Hindia Walanda dina tanggal 8 Maret 1942, dikaluarkeun wéh UU no. 27 taun 1942 ngeunaan parobahan Tata Pamaréntahan Daérah dina ping 5 Agustus 1942. Karasidénan (Residentie Preanger Regentschappen) diganti ngaran jadi Syukocan jeung puhu daérahna disebut Syukocanco. Kabupatén (Afdeling) diganti ngaran jadi Kén jeung puhu daerahna disebut Kénco. Kenco munggaran Soekaboemi masih kénéh R. A. A. Soeriadanoeningrat. Sanggeus R. A. A. Soeriadanoeningrat tilar dunya tuluy diganti ku R. Tirta Soeyatna minangka Kénco kadua.Babakan Kamerdikaan
Saenggeus Indonésia merdika dina tanggal 17 Agustus 1945, diayakeun kukumpulan musawarah ku inohong-inohong kayaning Mr. R. Syamsoedin, Mr. Haroen jeung Dr. Aboe Hanifah anu sapukeun pikeun ngirimkeun délégasi ka Karasidénan Boeitenzorg pikeun ngadesek diayakeunna serah tarima kakawasaan ti Jepang ka Indonésia. Umpamana gagal disupakatan ogé bakal diayakeunna aksi massa dina tanggal 1 Oktober 1945 anu kawengku ti Badan Kaamanan Rahayat, Kapulisian, KNID, Alim Ulama jeung Wawakil wewengkon.Saengeeus diumumkeun tanggal 1 Oktober 1945 nu antukna mah musawarah di Boeitenzorg téh gagal, massa dina poé harita ogé ngayakeun tarékah ngontrog kantor Kempetai pikeun ngabébaskeun sakabéh tahanan pulitik jeung nyokotan kabéh sanjata dijerona. Di Lapang Victoria bandéra Jepang diturunkeun sarta diganti ku bandéra Indonésia sacara resmi. Kantor-kantor pamaréntahan Jepang ogé dialihakawasa dina poé harita. Ngan ukur babaraha poé sakabéh Kabupatén Sukabumi geus bisa dikawasaan ku Pamaréntah Républik Indonésia. Ku kituna diayakeun tarékah pikeun ngaganti para pajabat Kawadanaan jeung Kacamatan anu henteu pro-kemerdikaan ku inohong-inohong anu pro-kemerdikaan.
Sanggeus aya dina kakawasaan Pamaréntah Républik Indonésia, dina taun 1945 katompérnakeun Mr. Haroen diangkat minangka Bupati Kabupatén Sukabumi munggaran pasca-kemerdikaan, sedengkeun Mr. R. Syamsoedin diangkat jadi Walikota Kota Sukabumi . Istilah-istilah administratif pamaréntahan Jepang ogé diganti ku istilah-istilah Indonésia, saperti Ken anu diganti jadi Kabupatén.
Hanca
Pamugi bahan katampi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar