Seni & Budaya Sunda
Seni nyaéta cabang élmu anu miboga multy tafsir atawa rupa-rupa pamadegan ti sawatara ahli dina widang kasenian Hal éta ditunjukeun ku ayana wangenan seni dumasar sawatara ahli anu nénjo tina sudut pandangna sewang-sewangan. Tapi tina ayana rupa-rupa wangenan seni jeung sudut pandang anu béda- béda téh, ngajadikeun seni leuwih éndah.
Sabab, ku ayana wangenan seni anu béda ieu nyirikeun yén para ahli leuwih ngamahaman kana hakékat seni.Hal ieu bakal ngarojong lobana mangpaat tina seni atawa kasenian, nu
ahirna seni téh lain ngan ukur jadi media panghibur wungkul.Dihandap ieu mangrupa pamadegan wangenan seni dumasar sawatara ahli :
- Schopernhauer
- Nilik kana sudut pandang musik, seni mangrupa prosés nyiptakeun wangun anu gumbira nepi ka sakabéh jalma téh mikaresep kana kasenian musik, sabab sanajan seni musik mangrupa seni abstrak tapi musik ogé mangrupa bagian tina kasenian.
- Ki Hajar Dewantara
- Sakabéh aktivitas jeung tindakan manusa anu muncul tina hirup jeung perasaanana sarta miboga sipat kaéndahan nepi ka mampuh ngagerakeun perasaan jeung jiwana
- Alexander baum Garton
- Seni mangrupa hiji kaéndahan jeung miboga udagan positif anu mampuh ngajadikeun penikmat seni téh ngarasa bagja.
Wangun Seni
Kasenian téh kabagi jadi opat cabang anu utama, nyaéta :- Seni Musik
- Seni musik nyaéta seni anu ngamangpaatkeun media sora boh sora manusa atawa sota pakakas seni anu nimbulkeun “bunyi” atawa sora.
- Seni Gerak
- Wangenan gerak didieu nyaéta gerakan anu miboga irama anu jelas jeung teratur sarta nimbulkeun kaéndahan anu komposisi. Komponén penting dina seni gerak nyaéta irama, gerak, ekspresi jeung penghayatan. Kaopat hal éta mangrupa hal penting sangkan gerakan bisa disebut éndah. Seni gerak diantarana téh nyaéta seni tari
- Seni Drama
- Dina seni drama ampir sarua jeung sei gerak mung dina seni drama mah ngalakukeun gerak anu moboga maksud atawa acting. Conto seni drama nyaéta pantomim.
- Seni Rupa
- Mangrupa salasahiji cabang seni anu ngawujud anu bisa ditempo sacara langsung.
- Seni rupa sering disebut hiji réfleksi batin sarta pangalaman éstetis nu ditepikeun ngaliwatan media garis, warna volume, sarta komposisi gelap- terang. Contona baé seni mahat patung, seni lukis jeung seni ukir.
Mangpaat Seni
Dina mangpaatna, seni kabagi jadi dua mangpaat nyaéta :- Pikeun dirina sorangan
- Dina kaitanana seni méré peran dina nyiptakeun peradaban manusa. Lian ti éta seni ogé bisa ngébréhkeun unsur emosional nu nyiptana sacara positif.
- Pikeun sosial atawa jalma lian
- Diwidang sosial seni bisa méré warna dina sagala aspek kahirupan.Ngaliwatan seni urang bisa nepikeun pesan- pesan kaagamaan jeung moral ka papada jalma. Ngaliwatan seni ogé urang bisa nepikeun pesan budi pekerti pikeun nunjang prosés pangajaran
Budaya asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah,
nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun
minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.
Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah tanah atawa tatanén. Kécap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia.Kabudayaan digolongkeun minangka sakabeh pangaweruh manusa minangka makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupa sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.
Kabudayaan bisa digolongkeun minangka sakabeh pangaweruh manusa minangka makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.
Hiji kabudayaan mangrupa kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).
Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar