Seni Budaya

 Seni & Budaya Sunda

Seni nyaéta cabang élmu anu miboga multy tafsir atawa rupa-rupa pamadegan ti sawatara ahli dina widang kasenian Hal éta ditunjukeun ku ayana wangenan seni dumasar sawatara ahli anu nénjo tina sudut pandangna sewang-sewangan. Tapi tina ayana rupa-rupa wangenan seni jeung sudut pandang anu béda- béda téh, ngajadikeun seni leuwih éndah.
     Sabab, ku ayana wangenan seni anu béda ieu nyirikeun yén para ahli leuwih ngamahaman kana hakékat seni.Hal ieu bakal ngarojong lobana mangpaat tina seni atawa kasenian, nu ahirna seni téh lain ngan ukur jadi media panghibur wungkul.
Dihandap ieu mangrupa pamadegan wangenan seni dumasar sawatara ahli :
  1. Schopernhauer
    Nilik kana sudut pandang musik, seni mangrupa prosés nyiptakeun wangun anu gumbira nepi ka sakabéh jalma téh mikaresep kana kasenian musik, sabab sanajan seni musik mangrupa seni abstrak tapi musik ogé mangrupa bagian tina kasenian.
  2. Ki Hajar Dewantara
    Sakabéh aktivitas jeung tindakan manusa anu muncul tina hirup jeung perasaanana sarta miboga sipat kaéndahan nepi ka mampuh ngagerakeun perasaan jeung jiwana
  3. Alexander baum Garton
    Seni mangrupa hiji kaéndahan jeung miboga udagan positif anu mampuh ngajadikeun penikmat seni téh ngarasa bagja.

Wangun Seni

Kasenian téh kabagi jadi opat cabang anu utama, nyaéta :
  1. Seni Musik
    Seni musik nyaéta seni anu ngamangpaatkeun media sora boh sora manusa atawa sota pakakas seni anu nimbulkeun “bunyi” atawa sora.
  2. Seni Gerak
    Wangenan gerak didieu nyaéta gerakan anu miboga irama anu jelas jeung teratur sarta nimbulkeun kaéndahan anu komposisi. Komponén penting dina seni gerak nyaéta irama, gerak, ekspresi jeung penghayatan. Kaopat hal éta mangrupa hal penting sangkan gerakan bisa disebut éndah. Seni gerak diantarana téh nyaéta seni tari
  3. Seni Drama
    Dina seni drama ampir sarua jeung sei gerak mung dina seni drama mah ngalakukeun gerak anu moboga maksud atawa acting. Conto seni drama nyaéta pantomim.
  4. Seni Rupa
    Mangrupa salasahiji cabang seni anu ngawujud anu bisa ditempo sacara langsung.
    Seni rupa sering disebut hiji réfleksi batin sarta pangalaman éstetis nu ditepikeun ngaliwatan media garis, warna volume, sarta komposisi gelap- terang. Contona baé seni mahat patung, seni lukis jeung seni ukir.

Mangpaat Seni

Dina mangpaatna, seni kabagi jadi dua mangpaat nyaéta :
  1. Pikeun dirina sorangan
    Dina kaitanana seni méré peran dina nyiptakeun peradaban manusa. Lian ti éta seni ogé bisa ngébréhkeun unsur emosional nu nyiptana sacara positif.
  2. Pikeun sosial atawa jalma lian
    Diwidang sosial seni bisa méré warna dina sagala aspek kahirupan.Ngaliwatan seni urang bisa nepikeun pesan- pesan kaagamaan jeung moral ka papada jalma. Ngaliwatan seni ogé urang bisa nepikeun pesan budi pekerti pikeun nunjang prosés pangajaran
Budaya asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.
Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah tanah atawa tatanén. Kécap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia.
      Kabudayaan digolongkeun minangka sakabeh pangaweruh manusa minangka makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupa sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif  dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.
        Kabudayaan bisa digolongkeun minangka sakabeh pangaweruh manusa minangka makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.
Hiji kabudayaan mangrupa kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).
        Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.

 











Karajaan Sumedang Larang

Sumedang Larang

Sumedang Larang nyaeta hiji karajaan Islam nu kungsi ngadeg di Jawa Kulon, Indonésia, nu mangrupakeun bukti sajarah sumebarna agama Islam di Jawa Kulon. Ieu karajaan teu kawentar kawas Demak, Mataram, Banten sarta Cirebon dina pustaka sajarah karajaan-karajaan Islam di Indonésia. Tapi, ayana karajaan ieu mangrupa bukti sajarah anu pohara kuat pangaruhna dina sumebarna Islam di Jawa Kulon sakumaha anu dipigawé ku Karajaan Cirebon sarta Kasultanan Banten.

Sajarah

Karajaan Sumedang Larang (ayeuna Kabupatén Sumedang) nyaéta salah sahiji tina sakitu lobana karajaan Sunda nu aya di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Lian ti eta dipikawanoh oge karajaan Sunda sejenna saperti Karajaan Pajajaran nu oge masih aya tumalina nu kacida raketna jeung karajaan saméméhna (Karajaan Galuh), ngan ayana Karajaan Pajajaran ieu panungtunganana di Pakuan (Bogor) sabab ayana serangan aliansi Karajaan Cirebon, Banten jeung Demak (Jawa Tengah). Ti saprak harita, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan anu ngabogaan otonomi lega pikeun nangtukeun nasibna sorangan.

Asal Ngaran

Karajaan Sumedang Larang asalna ti karajaan Islam Sunda-Pajajaran anu diadegkeun ti saprak abad ka-6 Masehi ku Prabu Adji Bodas dumasar kana paréntah Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkeun ka Pajajaran, Bogor. Luyu jeung robahna jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Témbong Agung (Témbong hartina katingali sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku Prabu Guru Adji Bodas dina abad ka-6. Saterusna dina mangsa jaman Prabu Tadjimalela, diganti jadi Himbar Buana, anu harti nyaangan alam, sarta saterusna diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna tina kecap Insun Medal/ Insun Medangan anu harti kuring dilahirkeun, sarta Larang hartina hiji hal anu euweuh tandinganana).

Ratu Pucuk Umun sarta Pangeran Santri

Dina panengah abad ka-16, Ratu Pucuk Umun, saurang wanoja turunan raja-raja Sumedang kuna anu mangrupa saurang Sunda muslimah; nikah ka Pangeran Santri (1505 M-1579 M) anu boga gelar Ki Gédéng Sumedang sarta maréntah Sumedang Larang bari nyebarkeun ajaran Islam di wewengkon éta. Pangéran Santri nyaéta incu ti Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) sarta buyut ti Syekh Datuk Kahfi, saurang ajengan turunan Arab Hadramaut anu asalna ti Mekkah sarta nyebarkeun ageman Islam di sagala rupa penjuru wewengkon di Karajaan Sunda. Nikahna Pangeran Santri jeng Ratu Pucuk Umun ieu ngababarkeun Prabu Geusan Ulun atawa dipikawanoh minangka Prabu Angkawijaya.

Prabu Geusan Ulun

Prabu Geusan Ulun (1580-1608 M) dinobatkeun pikeun ngagantikeun kakawasaan bapana, Pangéran Santri. Anjeunna netepkeun Kutamaya minangka ibukota karajaan Sumedang Larang, anu tempatna di bagian kulon dayeuh. Wewengkon kakawasaanana ngawengku Kuningan, Bandung, Garut, Tasikmalaya, Sukabumi (Parahiangan) kajaba Galuh (Ciamis). Karajaan Sumedang dina mangsa Prabu Geusan Ulun ngalaman kamajuan anu pesat dina widang sosial, budaya, ageman, militer sarta pulitik pamaréntahan. Sanggeus wafat dina warsih 1608, putera kandungna, Pangéran Rangga Gempol Kusumadinata atawa anu dipikawanoh kalawan Raden Aria Suradiwangsa ngagantikeun kapamingpinan bapana.

Pamaréntahan Sahandapeun Mataram

Dipati Rangga Gempol

Dina waktu Rangga Gempol nyekel kapamingpinan, dina warsih 1620 M Sumedang Larang dijadikeunana wewengkon kakawasaan Karajaan Mataram di sahandapeun Sultan Agung, sarta statusna minangka 'karajaan' dirobah jadi 'kabupatén'. Hal ieu dipigawé ku manéhna minangka usaha ngajadikeun wewengkon Sumedang minangka wewengkon pertahanan Mataram tina serangan Karajaan Banten sarta Walanda, anu keur ngalaman konflik jeung Mataram. Sultan Agung saterusna mikeun paréntah ka Rangga Gempol reujeung pasukanana pikeun mingpin serangan ka Sampang, Madura. Sedengkeun pamaréntahan pikeun samentara dibikeun ka adina, Dipati Rangga Gede.

Dipati Rangga Gede

Nalika satengah kakuatan militer kabupatén Sumedang Larang diinditkeun ka Madura nurutkeun titah Sultan Agung, datang pasukan Karajan Banten pikeun nyerang. Alatan Rangga Gede henteu sanggup nahan serangan pasukan Banten, manéhna ahirna kabur. Kaéléh ieu nyababkeun ambekna Sultan Agung ku kituna manéhna nahan Dipati Rangga Gedé, sarta pamaréntahan saterusna dibikeun ka Dipati Ukur.

Dipati Ukur

Sakali deui, Dipati Ukur diparentah ku Sultan Agung pikeun babarengan jeung pasukan Mataram narajang sarta ngarebut pertahanan Walanda di Batavia (Jakarta) anu dina ahirna gagal. Kaéléh pasukan Dipati Ukur ieu henteu dilaporkeun geura-giru ka Sultan Agung, diiberkeun yén manéhna kabur tina pertanggungjawabanana sarta ahirna katangkep dina panyumputanana dumasar kana beja mata-mata Sultan Agung anu ngawasa di wewengkon Parahiangan.

Babagean Wewengkon Karajaan

Sanggeus béak mangsa hukumanana, Dipati Rangga Gedé dibéré kakawasaan pikeun balik deui maréntah di Sumedang. Sedengkeun wewengkon Parahiangan di luar Sumedang sarta Galuh (Ciamis), ku Mataram dibagi jadi tilu bagian:

Titilar Budaya

Nepi ka kiwari, Sumedang masih boga status kabupatén, minangka sésa titilar konflik pulitik anu réa diintervensi ku Karajaan Mataram dina mangsa éta. Sedengkeun artefak sajarah mangrupa pusaka perang, atribut karajaan, pakakas raja-raja sarta naskah kuna titilar Karajaan Sumedang Larang masih bisa ditempo sacara umum di Musieum Prabu Geusan Ulun, Sumedang tempatna pas di kidul alun-alun dayeuh Sumedang, ngahiji jeung Gedong Srimanganti sarta wangunan pamaréntah wewengkon satempat.




Pamarentahan berdaulat

No.

Taun
1
 Raja-raja Karajaan Sumedang Larang

a Prabu Guru Aji Putih 900

b Prabu Agung Resi Cakrabuana / Prabu Taji Malela 950

c Prabu Gajah Agung 980

d Sunan Guling 1000

e Sunan Tuakan 1200

f Nyi Mas Ratu Patuakan 1450

g Ratu Pucuk Umun / Nyi Mas Ratu Dewi Inten Dewata 1530 - 1578

h Prabu Geusan Ulun atau Pangeran Angkawijaya 1578 - 1601
2
 Bupati Wedana Mangsa Pemerintahan Mataram II

a Raden Suriadiwangsa, Pangeran Rangga Gempol I 1601 - 1625

b Pangeran Rangga Gede 1625 - 1633

c Pangeran Rangga Gempol II 1633 - 1656

d Pangeran Panembahan / Pangeran Rangga Gempol III 1656 - 1706
3
       Bupati Wedana Mangsa Pamarentahan VOC, Inggris, Belanda & Jepang

a Dalem Tumenggung Tanumaja 1706 - 1709

b Pangeran Karuhun 1709 - 1744

c Dalem Istri Rajaningrat 1744 - 1759

d Dalem Anom 1759 - 1761

e Dalem Adipati Surianagara 1761 - 1765

f Dalem Adipati Surialaga 1765 - 1773

g Dalem Adipati Tanubaja (Parakan Muncang) 1773 - 1775

h Dalem Adipati Patrakusumah (Parakan Muncang) 1775 - 1789

i Dalem Aria Sacapati 1789 - 1791

j Pangeran Kornel / Pangeran Kusumahdinata 1791 - 1800

k Bupati Republik Batavia Nederland 1800 - 1810

l Bupati Kerajaan Nederland, sahandapeun Lodewijk, Adina Napoleon Bonaparte 1805 - 1810

m Bupati Kerajaan Nederland, sahandapeun Kaisar Napoleon Bonaparte 1810 - 1811

n Bupati Masa Pemerintahan Inggris 1811 - 1815

o Bupati Kerajaan Nederland 1815 - 1828

p Dalem Adipati Kusumahyuda / Dalem Ageung 1828 - 1833

q Dalem Adipati Kusumahdinata / Dalem Alit 1833 - 1834

r Dalem Tumenggung Suriadilaga / Dalem Sindangraja 1834 - 1836

s Pangeran Suria Kusumah Adinata / Pangeran Soegih 1836 - 1882

t Pangeran Aria Suria Atmaja / Pangeran Mekkah 1882 - 1919

u Dalem Adipati Aria Kusumahdilaga / Dalem Bintang 1919 - 1937

v Dalem Tumenggung Aria Suria Kusumah Adinata / Dalem Aria Sumantri 1937 - 1942

w Bupati Masa Pemerintahan Jepang 1942 - 1945

x Bupati Masa Peralihan Republik Indonesia 1945 - 1946
4
Bupati Mangsa Pamarentahan Republik Indonesia

a Raden Hasan Suria Sacakusumah 1946 - 1947
5
Bupati Mangsa Pamarentahan Belanda / Indonesia

a Raden Tumenggung M. Singer 1947 - 1949
6
Bupati Mangsa Pamarentahan Negara Pasundan

a Raden Hasan Suria Sacakusumah 1949 - 1950 



Karajaan Galuh


Galuh

Galuh mangrupakeun hiji karajaan Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara walungan Citarum di beulah kulon sarta Cipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupakeun panerus Kendan, bawahan Tarumanagara.
Carita ngeunaan Galuh aya dina Carita Parahiyangan, naskah Sunda nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan Galuh téh dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi salila lima welas taun. Salajengna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang Wretikandayun.
Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M pupus (669), kakawasaan Tarumanagara ragrag ka Tarusbawa, minantuna ti Sundapura, salasahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku sabab Tarubawa mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak Galuh, dipingpin ku Wretikandayun (ngawasa ti taun 612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri. Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun walungan Citarum salaku watesna.


Karajaan kembar

Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja (jadi resiguru di Galunggung), Rahiyang Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh salila salapan puluh taun (612-702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.
Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra: Demunawan jeung Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak nepi ka kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah). Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha. Sannaha jeung Séna ieu lajeng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan Rakryan Jambri (atawa katelah Sanjaya).
Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709), lajeng diteruskeun ku Séna. Kusabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja, Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716). Alatan kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di beulah wétan, lajeng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi Padmahariwangsa, raja Indraprahasta.

Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman Kangjeng Prebu.

Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur, jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)
     Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus   dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel.
Tetela di Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst  nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana teh.
     Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu bae Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max Salhuteru anu gede kamelang kana kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis dengkleung Dengdek ku Administraturna.
     Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.
     Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila oge Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan wetan.
     Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun ngaran, sumawonna nu sejenna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goreng sejenna .
Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat karaton ngadeg legana sahektar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu arendah. Di bagian sejen karaton, aya kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajeng kuning."
     Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh Kinanti teh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu oge ngageder ngawangun gedong-gedong pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun 1859 tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupaten anu agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong nagara atawa gedong kabupaten, sakaligus tempat lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan sejenna, tangsi militer, panjara, masjid agung, gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.
     Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan dinomer hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda, J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka kabupaten, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu teh sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan. Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian masarakat anu masih keneh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.
     Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da kaula oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka pangawulaan teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya arca. Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh geus teu aya deui arca anu disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu kendat muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi karimbunan. Eta sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di Selagangga tea.
     Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk saujaring carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu oge ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861 jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna patalimarga, ti Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka Jogjakarta. Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya jalan kareta api teh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh kabupaten, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna memang jadi gede sabab eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong jeung Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh ayeuna narikolot, tapi Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun 1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.
     Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih keneh teras bebenah jeung ngawangun Galuh Ciamis. Dina jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti dipake, peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi ngaluarkeun modal gede keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna. Kulantaran kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung Sindangrasa. Taun 1915 Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan Priangan, sacara resmi disebutna jadi Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten jeung genep kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur. Saenyana di lokasi karaton Selagangga oge Kangjeng Prebu teh ngadamel masigit agreng anu dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul Karim. Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh, marentahkeun ka para Kapala Desa suaya di tiap desa aya masigit, sajaba ti keur ibadah sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman diajar ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual masarakat. Masdjid Selagangga teh kacida kaimpunganana ku para nonoman.
     Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu perenahna beh kulon mah geus taya tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah kulon teh kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad. Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah diomean dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan anjeunna teh putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu.
     Jadi, ngaraos ngiring tanggel waler geusan mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna.
     Bupati anyar dipentes gawe mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu oge kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu panemu, boh lahir boh batin, turta pinter meakeun batur teh. Dipendemna oge di pamakaman Sirnayasa (Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan nu bisa ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti.

Karajaan Sunda


Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda ogé ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putra mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa. ku Selat Sunda
ku Selat Sunda

Sajarah

Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Jayanasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya. Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda, sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira 18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).

Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, nu diwatesan ku walungan Citarum.

Karajaan kembar

 
Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui. Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.
Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.
Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang. Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819). Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.
Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).
Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).
Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.
Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng ku Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).


Prasasti Kawali di Kabuyutan Astana Gedé, Kawali, Ciamis.
Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.
Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).
Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.

 

Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Hubungan jeung Éropah

Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis. Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.

Karajaan Kendan

Kendan

        Karajaan Kendan ayana di wewengkon Nagreg, Kabupaten Bandung. Dimana dipatempatan ieu kapanggih patung Durga leutik nu ayeuna aya di Museum Pusat Jakarta.  Oge dina taun 2000 an kapendak aya ruruntuk candi ( candi bojongmenje ) tina batu di sagigireun walungan Cikijing, caket jalan raya Bandung - Garut di wewengkon Rancaekek.
     Nami Kendan numutkeun elmu kabuhunan teh hartosna puseur sabangsaning alat, oge mangrupa jenis batu nu loba kapanggih di wewengkon eta. Numutkeun Carita Parahiyangan, Nusantara Parwa IV sarga 1 dan Jawadwipa Parwa I sarga 2, karajaan ieu ngadeg ti taun 526 M dugi ka 612 M. Raja nu munggaran nyaeta Resiguru Manikmaya ( 526 – 568 M ) marentah salami 42 taun, kagungan istri ka Tirtakancana, puteri na Suryawarman Raja Tarumanagara VII. Nya wewengkon ieu teh minangka hadiah pemere ti mertuana. Resiguru Manikmaya ieu teh nyaeta pendeta siwa. Saterasna kalungguhanna digentos ku putrana Sura Liman Sakti atawa Rajaputra nu ti alit dugi ka bujang ngiring linggih di akina di puseur dayeuh Tarumanagara. Di istrenan janten raja di Kendan kala 12 Kresnapaksa bulan Asuji tahun 490 Saka (kira-kira tanggal 5 Oktober 568 M). Migarwa ka Mulyasari turunan Kudungga ti Bakulapura, kagungan putra 2 urang nyaeta Kandiawan jeung Kandiawati.
      Kandiawati tuluy kawin jeung sodagar ti Sumatera nu saterusna bumen-bumen di ditu ngiring ka salakina. Salajengna kakawasaan dilinggihkeun ti Sura Liman Sakti ka Kandiawan putrana nu marentah salila 15 tahun ( 597 – 612 M ), mung teu salamina di Kendan, anjeunna ngalih padumukan ka Medang Jati atawa Medang Gana kumargi sateuacan diistrenan janten raja di Kendan anjeunna tos janten resi guru didinya. Saparantosna mangsa 15 taun anjeuna lengser kaprabon margi janten patapa di Layuwatang, janten katelah Rajaresi Dewaraja atanapi Sang Layuwatang. Kandiawan kagungan putera 5 urang nyaeta: Mangukuhan, Karungkalah, Katungmaralah, Sandanggreba, jeung Wretikandayun. Lima puterana katelah Pancaputra ieu masing-masing dipasihan kalungguhan mangrupi Rahyangta Kulikuli, Rahyangta Surawalen, Rahyangta Pales Awi, Rahyangta Rawung Langit jeung nu bungsu Wretikandayun dijadikeun Rajaresi di Mandala Menir. Lajeng kalungguhan raja ti saprak janten patapa di pasrahkeun ka Wretikandayun.


Karajaan Taruma Nagara


Karajaan  Tarumanagara atawa Taruma mangrupakeun salah sahiji karajaan munggaran di Nusantara, diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358 M di wewengkon Bekasi ayeuna. Raja nu kadua satutasna Jayasingawarman pupus nyeta Dharmayawarman (382 - 395 M) nu salajengna diteraskeun ku Purnawarman (395 - 434 M). Dina taun 397 Purnawarman ngalihkeun puseur pamarentahan ka Sundapura nu leuwih deukeut ka basisir

Sajarah

     Tarumanagara diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358, nu lajeng diganti ku putrana, Dharmayawarman (382-395). Jayasingawarman dikuburkeun di sisi walungan Gomati, sedeng putrana di sisi Candrabaga.
     Purnawarman mangrupa raja Tarumanagara nu katilu (395-434 M). Anjeunna ngawangun puseur karajaan anyar dina taun 397 deukeut ka basisir, dingaranan Sundapura--munggaran dipakéna ngaran "Sunda". Dina taun 417, anjeunna maréntahkeun ngali walungan Gomati jeung Candrabaga nu panjangna 6112 tumbak (kurang leuwih 11 km). Sanggeus réngsé, anjeunna ngayakeun salametan ku ngabagikeun saréwu sapi ka para brahmana.
Sundakala
     Prasasti Pasir Muara nu nyaritakeun dipulangkeunana pamaréntahan ka Raja Sunda téh dijieun taun 536 M. Dina taun éta nu jadi pamingpin Tarumanagara nyaéta Suryawarman (535 - 561), Raja Tarumanagara ka-7. Pustaka Jawadwipa, parwa I, sarga 1 (kaca 80-81) méré katrangan yén dina mangsa Candrawarman (515-535 M), ramana Suryawarman, loba pangawasa nu narima deui kakawasaan pamaréntahan di wewengkonna séwang-séwangan ku satiana ka Tarumanagara.
     Ditilik tina jihat ieu, Suryawarman milampah nu sarupa jeung kawijakan pulitik ramana.
Rakeyan Juru Pangambat nu kasebut dina prasasti Pasir Muara sigana mah mangrupa saurang pupuhu di Tarumanagara nu ngawakilan raja di wewengkon éta. Nu can puguh mah nu jadi sabab ayana éta prasasti di dinya? Naha wewengkon éta téh puseur Karajaan Sunda, atawa ukur tempat petingan nu kaasup wewengkon Sunda?
Boh sumber-sumber prasasti ogé sumber-sumber Cirebon ngajéntrékeun yén Purnawarman geus hasil meruhkeun musuh-musuhna. Prasasti Munjul di Pandéglang nunjukkeun yén kakawasaanana ngawengku ogé basisir Selat Sunda. Pustaka Nusantara, parwa II sarga 3 (kaca 159-162) nyebutkeun yén Purnawarman ngabawah 48 raja nu ngawasa daérah ti Salakanagara atawa Rajatapura (di daérah Teluk Lada Pandéglang) nepi ka Purwalingga (ayeuna Purbolinggo) di Jawa Tengah.
     Sacara tradisional, Cipamali (Kali Brebes, Kali Pemali) dianggap mangrupa wates kakawasaan raja-raja nu ngawasa wewengkon Jawa Kulon mangsa ka tukang.
Ayana prasasti Purnawarman di Pasir Muara, nu nyaritakeun Raja Sunda taun 536, mangrupakeun totondén yén puseur Sundapura geus robah status jadi karajaan daérah. Hal ieu ngandung harti yén puseur pamaréntahan Tarumanagara geus ngised ka wewengkon séjén. Conto nu sarupa bisa katitén ogé nalika Rajatapura atawa Salakanagara (kota Pérak), nu disebut Argyre ku Ptolemeus taun 150. Kota ieu, nepi ka taun 362, jadi puseur pamaréntahan raja-raja Déwawarman (ti Déwawarman I nepi ka VIII).
Nalika puseur pamaréntahan pindah ti Rajatapura ka Tarumanagara, Salakanagara robah statusna jadi karajaan daérah. Jayasingawarman nu ngadegkeun Tarumanagara téh minantu Déwawarman VIII, Maharesi ti Salankayana di India nu ngungsi ka Nusantara alatan daérahna dirurug Maharaja Samudragupta ti Karajaan Magada.

     Suryawarman teu ukur neruskeun kawijakan pulitik ramana nu leuwih loba méré kapercayaan ka raja daérah pikeun ngokolakeun pamaréntahanana, tapi ogé mindahkeun perhatianana ka wewengkon wétan. Taun 526 misalna, Manikmaya, minantu Suryawarman, ngadegkeun karajaan anyar di Kendan, wewengkon Nagrég kiwari (antara Bandung jeung Limbangan, Garut). Putra Manikmaya matuh jeung akina di puseur Tarumangara, nu lajeng jadi Panglima Angkatan Perang Tarumanagara. Wewengkon wétan beuki maju deui nalika bao Manikmaya ngadegkeun Galuh taun 612.
     Salila ngadeg, Tarumanagara ngalaman dipingpin ku dua welas raja. Taun 669, kusabab teu boga anak lalaki, Linggawarman diganti ku minantuna, Tarusbawa. Linggawarman kagungan dua putri, cikalna Manasih jadi istri Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu bungsu Sobakancana jadi istri Dapuntahyang Sri Jayanasa nu ngadegkeun Karajaan Sriwijaya. Sacara otomatis, tahta kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantu ti istrina nu cikal, nyaéta Tarusbawa.
     Kakawasaan Tarumanagara wekasan ku pindahna tahta karajaan ka Tarusbawa, sabab Tarusbawa pribadi milih mulang ka karajaanana sorangan, nyaéta Sunda nu saméméhna aya dina kakawaasan Tarumanagara. Pindahna kakawasaan Tarumanagara ka Sunda ieu, ngan Galuh nu teu sapuk, sarta mutuskeun misah ti Sunda nu kawarisan Tarumanagara.

                                                                                                                                                 Dua arca Wisnu kapanggih ti Cibuaya, Karawang. Tarumanagara abad ka-7 Masehi. Mahkotana nu siga tabung sarupi gaya seni Khmer Kamboja.

Raja-raja Tarumanagara

  1. Jayasingawarman 358-382
  2. Dharmayawarman 382-395
  3. Purnawarman 395-434
  4. Wisnuwarman 434-455
  5. Indrawarman 455-515
  6. Candrawarman 515-535
  7. Suryawarman 535-561
  8. Kertawarman 561-628
  9. Sudhawarman 628-639
  10. Hariwangsawarman 639-640
  11. Nagajayawarman 640-666
  12. Linggawarman 666-669

Prasasti nu patali jeung Tarumanagara

Sahanteuna aya tujuh prasasti (nu geus kapanggih jeung katalungtik) nu dianggap patali jeung ayana karajaan Tarumanagara, di antarana: